Selasa, 25 September 2012

Pangwangunan cimara Alhamdulillah lancar, terutama pangwangunan pisik nyaeta, jalan, gedung, masigit, jeung imah sigrong aralus ngajogrog ngahias taman cimara. namun nu matak sedih jeung prihatin, pangwangunan anu disebut pangwangunan rohani (SDM) can kagarap nu samestina, can kaguar ku kasariusan pamingpina. aya oge ngan ukur pangajian para nini-nini jeung aki-aki, ari pamudana sibuk ku dunia-na sorangan. ari pamuda teh panerus bangsa, atawa nu leutikna panerus generasi nu aya di desa, lamun pamudana rusak, pangwangunan pisik nu aralus oge euweuh guna-na.
taun ieu taun panganggeusan kapala desa nu ayeuna, taun hareup kapala desa anyar kudu boga program nu alus jeung pamuda. pokona mah, kuwu nu anyar kudu deukeut jeung jalma ngora!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar